Halaman

Rabu, 05 Juni 2013

Sarakan Jampang

SARAKAN JAMPANG
KEUR KI SOBAT
Jampang kulon-Bandung 2006

Saclikna kuring miang ti Jampang
Haté bati longkéwang
Angin leutik ngahiliwir ngagerihan
Getih bacécéran sapaparat jalan

Ki sobat,
Anggur raksa jagat Jampang
Nu ngajurung laku karuhun
Titinggal para batara
Sumpah awak doa perlaya
Batan jagat diketrukeun bangsat
Rék urat-urat kawat
Rarad régang nu celentang kapentang
Duruk ku seuneu Jampang
Tiup ku angin rakéan
Jampang samakta pakarang